
PARAHIYANGAN
Parahiyangan asal tina kecap 'rahiyang' nu maké rarangkén pa-an, nu hartina tempat para rahiyang (sebutan pikeun raja atawa putra raja) atawa hiyang. Kecap ieu kapanggih dina naskah Carita Parahiyangan nu dijieun kira abad ka-16. Ku kituna, mun matok kana harti ieu, mangka Parahiyangan téh nujul ka sagemlengna Tatar Sunda, henteu ukur wilayah anu ayeuna dipikawanoh salaku Priangan.
Priangan ayeuna nyaéta wewengkon di Propinsi Jawa Barat nu ngawengku Kabupatén Cianjur, Bandung, Sumedang, Garut, Tasikmalaya, Ciamis, jeung Banjar nu gedéna kira-kira sapergenep ti lega wewengkon Pulo Jawa (kurang leuwih 21.524 km pasagi). Di beulah kalér watesna jeung Karawang, Purwakarta, Subang jeung Indramayu; beulah wétan watesna jeung Majaléngka, Kuningan. Jeung Jawa Tengah diwatesanan ku Citanduy; beulah kidul diwatesan ku Samodra Indonésia; beulah kulon watesna wewengkon Sukabumi jeung Bogor.
Lahan daérah Priangan: dataran rendah, pasir-pasir, gunung-gunung nu jumlahna kaitung loba, di antarana: Gunung Gedé, Gunung Ceremé (asup ka wilayah Majalengka, Kuningan tur Ciamis), Gunung Kancana, Gunung Masigit (Cianjur), Gunung Salak (asup ka wilayah Bogor jeung Sukabumi); Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang, Gunung Malabar, Gunung Bukit Tunggul (Bandung); Gunung Tampomas, Gunung Calancang, Gunung Cakra Buana (Sumedang); Gunung Guntur, Gunung Haruman, Gunung Talagabodas, Gunung Karacak, Gunung Galunggung (Garut); Gunung Cupu, Gunung Cula Badak, Gunung Bongkok (Tasikmalaya); Gunung Sawal (Ciamis). Dilingkung ku gunung, Priangan kawentar subur sabab loba ogé walunganana.
Sajarah
Saméméh ragrag kana kakawasaan Mataram, wilayah Priangan ngawengku daérah antara walungan Cipamali di béh wétan jeung walungan Cisadané di béh kulon, iwal wilayah Pakuan Pajajaran, Jakarta, jeung Cirebon. Sanggeus Karajaan Sunda runtag dirurug Banten1579/1580), wewengkon nu teu dikawasa Banten kabagi kana dua kakawasaan: Sumedang Larang jeung Galuh. Sumedang Larang nu puseur pamaréntahanana di Kutamaya (wilayah kulon Kota Sumedang kiwari) dipingpin ku Prabu Geusan Ulun (1580-1608). Saméméh taluk ka Mataram nu keur dipingpin ku Sutawijaya (1586-1601), Galuh mangrupakeun karajaan mandiri (1580-1595). (
Taluk ka Mataram
Sapupusna Prabu Geusan Ulun, kakawasaan Sumedang Larang diwariskeun ka anak téréna, Radén Aria Suriadiwangsa (1608-1624). Dina taun 1620, alatan kacapit ku tilu kakawasaan di sabudeureunana, (Mataram ti béh wétan, Banten jeung Kompeni ti béh kulon), Aria Suriadiwangsa milih nyerahkeun manéh ka Mataram (anjeunna masih turunan Mataram ti indungna Ratu Harisbaya, dulur Sutawijaya). Ti harita, Sumedang Larang dirobah jadi Kabupatén Sumedang nu dikawasa ku Mataram. Kitu deui wewengkon séjénna, jadi kabupatén bawahan Mataram nu diawaskeun ku Wadana Bupati Priangan. Pikeun kalungguhan Wadana Bupati Priangan munggaran, Sultan Agung milih Aria Suriadiwangsa kalawan gelar Pangéran Rangga Gempol Kusumadinata (Rangga Gempol I, 1620-1624).
Nalika kakawasaan di Priangan dicepeng ku Pangéran Rangga Gedé (ngawakilan Rangga Gempol nu ditugaskeun mantuan nalukkeun daérah Sampang, Madura), Sumedang diserang Banten. Kusabab teu bisa numpurkeun serangan Banten, Rangga Gedé ditahan di Mataram, sedengkeun Priangan dipasrahkeun ka Dipati Ukur, kalawan sarat kudu bisa ngarebut Batavia ti VOC. Dipati Ukur harita nyepeng kalungguhan Wadana Bupati Priangan di wewengkon Bandung kiwari, nu ngabawah wilayah Sumedang, Sukapura, Bandung, Limbangan, sarta sawaréh Cianjur, Karawang, Pamanukan, jeung Ciasem.
Alatan gagal ngalaksanakeun sarat ngarebut Batavia (1628), jeung sadar yén anjeunna bakal dihukum ku Sultan Agung, Dipati Ukur baruntak. Baruntakna Dipati Ukur kakara bisa tumpur taun 1632, sabab Mataram dibantu ku sawatara pamingpin di Priangan. Kalungguhan Wadana Bupati Priangan lajeng dipasrahkeun deui ka Rangga Gedé.
Akibat tina baruntakna Dipati Ukur ka Mataram, dina Piagem Sultan Agung titimangsa 9 Muharam taun Alip (ceuk F. de Haan, taun Alip téh sarua jeung taun 1641 Maséhi, tapi aya sawatara katerangan séjén yén taun Alip idéntik jeung taun 1633), daérah Priangan di luar Galuh dibagi deui jadi opat kabupatén:
* Sumedang (Rangga Gempol II, sakaligus Wadana Bupati Priangan),
* Sukapura (Ki Wirawangsa Umbul Sukakerta, gelar Tumenggung Wiradadaha),
* Bandung (Ki Astamanggala Umbul Cihaurbeuti, gelar Tumenggung Wiraangun-angun),
* Parakan Muncang (Ki Somahita Umbul Sindangkasih, gelar Tumenggung Tanubaya).
Wewengkon Priangan ogé dimekarkeun deui ku dirobahna Karawang jadi kabupatén mandiri, sedengkeun wilayah Galuh (Priangan Wétan) dibagi opat kabupatén: Utama, Bojonglopang (Kertabumi), Imbanagara, jeung Kawasén.
Sapupusna Sultan Agung (1645), Mataram dipingpin ku putrana, Sunan Amangkurat I (Sunan Tegalwangi, 1645-1677). Antara taun 1656-1657, wilayah Mataram Kulon (Mancanegara Kilen) dibagi kana dua welas ajeg sakaligus ngahapus wadana bupati di Priangan: Sumedang, Parakan Muncang, Bandung, Sukapura, Karawang, Imbanagara, Kawasén, Wirabaja (Galuh), Sekacé (Sindangkasih), Banyumas, Ayah (Dayeuhluhur), jeung Banjar (Panjer).
[édit] Dipasrahkeun ka VOC-Hindia Walanda
Wilayah Priangan ragragna ka VOC saméméh Mataram bener-bener taluk ka VOC (1757). Dumasar kana "perjangjian" Mataram jeung Kumpeni, taun 1677 (perjangjian 19-20 Oktober) Priangan Kulon & Tengah pindah dikawasa Kumpeni, sedengkeun Priangan Wétan jeung Cirebon taun 1705 (perjangjian 5 Oktober).
Dina piagem titimangsa 15 Nopémber 1684, Kumpeni sacara resmi ngangkat para pamingpin Priangan pikeun maréntah daérahna séwang-séwangan. Taun 1706 VOC ngangkat Pangéran Aria Cirebon jadi Bupati Kumpeni, nu tugasna ngawaskeun & ngokolakeun bu[ati-bupati di Priangan sangkan tukuh kana kawajiban-kawajibanana ka Kumpeni. Nalika jaman Kumpeni ieu, Priangan jadi salah sahiji sumber hasil bumi utama ku ayana program nu disebut Preangerstelsel (Sistim Priangan), nu utamana ngahasilkeun kopi. Dina jaman Hindia Walanda (satutasna VOC bangkrut), gubernur munggaran H. W. Daendels ngayakeun proyék Grote Postweg (Jalan Raya Pos), nyaéta ngawangun jalan ti Anyer di tungtung kulon Jawa nepi ka Panarukan di tungtung wétan. Lian ti éta, Daendels ogé beuki ngahangkeutkeun melak kopi di Priangan, utamana di daérah Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Parakan Muncang (1808-1809). Limbangan, Sukapura, jeung Galuh digabung jeung Cirebon (Cheribonshe Preangerlanden), tapi teu sawatara lila Limbangan jeung Sukapura dikaluarkeun ti wilayah administrasi Cirebon.
Dina mangsa pamaréntah Hindia Walanda (1808-1942), status Priangan nyaéta karésidénan, nu munggaran ibukotana di Cianjur, salajengna ibukota karésidénan Priangan pindah ka Bandung (ti taun 1864). Ku asupna Galuh (awal abad ka-20), wilayah Karésidénan Priangan nambahan. Priangan jadi 6 kabupatén; Cianjur, Bandung, Sumedang, Limbangan (Garut), Sukapura (Tasikmalaya), jeung Galuh (Ciamis).
Carita Parahiyangan
carita parahiyangan mangrupakeun ngaran hiji naskah Sunda nu dijieun kira ahir abad ka-16, nu nyaritakeun sajarah tatar Sunda, utamana ngeunaan kakawasaan karajaan Galuh jeung Sunda. Dingaranan ktiu dumasar kana bubuka eusina nu nyebutkeun "ndéh nihan carita parahiyangan". Dumasar kana carita nu mungkasna, ieu naskah dijieun dina ahir abad ka-16abad ka-17, nalika kakuatan pulitik Islam saeutik-saeutik geus nyilihan kakawasaan Sunda di Pakuan Pajajaran.
Ieu naskah munggaran ditalungtik ku K.F. Holle, lajeng ku C.M. Pleyte, nu duanana mémang loba nalungtik sastra Sunda-Buhun. Lajeng ieu naskah dialihaksarakeun ku Purbacaraka, salaku tambahan pikeun laporan anjeunna ngeunaan Batu Tulis di Bogor. Tarékah ieu diteruskeun ku H. ten Dam (taun 1957) jeung J. Noorduyn (laporan panalungtikan taun 1962 jeung 1965). Salajengna, ieu naskah ogé ditalungtik ku sababaraha sarjana Sunda, di antarana Ma'mun Atmamiharja, Amir Sutaarga, Aca, Ayatrohaédi, sarta Édi S. Ékajati jeung Undang A. Darsa.
atawa awal
Sempakwaja & Mandiminyak
Rahiyang Sanjaya
Ieu naskah loba pisan nyaritakeun Rahiyang Sanjaya, anu méméh jeneng di Galuh boga ngaran Rakéyan Jambri, padahal jeneng rajana téh ukur salapan taun. Rakéyan Jambri téh putrana Sang Séna, sedengkeun Sang Séna téh anak Mandiminyak ti Pwah Rababu (istrina Sempakwaja, kungsi di-'keudeu-keudeu' ku Mandiminyak).
Dina ieu naskah, Sanjaya kacaritakeun jago perang. Lian ti nu di pulo Jawa, Sanjaya ogé kungsi narajang wilayah-wilayah di Sumatra, kayaning Malayu, Sriwijaya, jeung Barus, malah nepi ka wewengkon kakawasaan Cina.
Perang Bubat
Dina lebah nyaritakeun Prabu Maharaja, anakna Aki Kolot, disebutkeun kieu
Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit.
Mun dina basa Sunda kiwari, alihbasana kurang leuwih kieu,
Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna jadi ratu tujuh taun, keuna ku kalawisaya, kabawa cilaka ku anakna, nu ngaranna Tohaan, ménta gedé panumbasna. Urang réa asalna indit ka Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug wae perang di Majapahit.
Prabu Surawisésa
Prabu Surawisésa, putrana Ratu Jayadéwata, kawarisan kakawasaan Sunda dina mangsa anu henteu nguntungkeun, sabab wilayah-wilayahna loba nu baruntak, éléh pangaruh, atawa direbut ku karajaan Cirebon anu dibantuan ku Demak. Dina mangsa kakawasaanana anu 14 taun, Prabu Surawisésa mingpin bala saréwu dina 15 kali perang.
Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padarén, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali
Tidak ada komentar:
Posting Komentar