Senin, 28 Desember 2009

kebudayaan sunda


Adat Ngariksa nu Kakandungan
Adat ngariksa nu kakandungan di Sunda teh raket pisan patalina jeung sistim kapercayaan urang Sunda, anu boga sipat – ceuk Muhtar Lubis dina Manusia Indonesia mah – percaya kana tahayul/bangsa lelembut. Maksud dina ayana adat ngaraksa nu reuneuh teh nya eta pikeun ngajaga nu reuneuh dina pangaruh jahat para lelembut atawa dedemit sarta pangaruh goreng tina kakuatan alam disabudeureunana nu miboga sipat gaib. Tarekah pikeun ngajaga eta dilakukeun ku rupa-rupa cara saperti:

1. ngayakeun salametan atawa sidekah
2. mekelan nu reuneuh ku barang-barang anu diyakinan miboga kakuatan tolak bala atawa salaku jimat
3. merhatikeun tur ngajaga supaya nu reuneuh teu ngalanggar pantrangan karuhun.

Pikeun nu mimiti pisan mah biasana kolotna nu sok merhatikeun teh, beda jeung nu geus dua atawa tilu kali biasana ku sorangan. Ieu hal dumasar pangalaman, biasana ari anu kakara pisan kakandungan mah sok loba kasieun, komo kolotna mah, hariwangeun pisan ningali budakna anu léléngkah halu kénéh dina hal ngariksa janin.

Ti mimiti reuneuh nepi ka kandungan umurna dua bulan biasa disebut ngandeg atawa nyiram. Sanggeus umur kandungan tilu bulan diayakeun salametan tilu bulanan. Pikeun rereana jalma salametan tilu bulanana cukup ku ngabubur beureum ngabubur bodas nu mangrupa inti atawa sarat nu kudu aya dina salametan numutkeun adat kabiasaan karuhun. Salian ti ngabubur beureum ngabubur bodas teh, pikeun jalma boga mah biasana sok dibarengan ku tumpeng.

Sarengsena salametan tilu bulanana diayakeun deui salametan dina mangsa umur kandungan 5, 7, 9 bulan. Pokona kudu ngayakeun tiap itungan ganjil. Dina salametan kadua kalina diayakeun hajat bangsal. Bangsal anu diwadahan ku bokor sarta di luhurna ditutupan ku daun waluh. Maksud dina kecap bangsal sacara metonomis mirip kecap bengsal (sial). Sedengkeun kecap waluh sacara metonomis ngaharib-harib kana kecap waluya. Jadi maksud utama ayana hajat bangsal teh nya eta ngaleungitkeun sagala kasialan sarta diganti ku kawaluyaan.

Salametan anu katilu kalina diayakeun dina waktu kandungan geus 7 bulan nu mangrupa salametan panggedena diantara 4 salametan. Salametan ieu pada nyarebut tingkeban atawa babarik (Ciamis), babarit (Majalengka). Saprak tingkeban urusan ngajaga nu reuneuh jadi tanggungjawab paraji. Tingkeban teh mangrupa salametan nu kakandungan nu pangceuyahna diantara upacara-upacara sejenna, ditilik tina lobana proses upacara jeung reana sarat anu kudu dicumponan. Waktu umur kandungan 9 bulan diayakeun salametan anu kaopat kalina. Ieu salametan teh disebut lolos jeung sidekah lampu. Lolos (dahareun nu dijieun tina tipung beasgulaan make santen tur dibungkus ku daun cau) nyaeta ngandung maksud supaya dina waktu ngalahirkeun, orok bisa kaluar kalayan lancar jeung salamet, sedengkeun lampu miboga maksud supaya orok nu dilahirkeun miboga hate nu caang. Lampu nu dipake biasana lampu cempor atawa lampu tempel. di

Paraji mimiti mere pituduh ka kulawarga nu kakandungan pikeun tatahar nyiapkeun rupa-rupa ramuan nu mangrupa sisikian, akar-akaran, dadaunan, jeung beubeutian nu tangtu. Biasana umur kandungan salapan bulan teh sok disebut bulan alaeun. Beda deui mun umur kandungan teu normal (leuwih ti salapan bulan biasana sok pada nyebut reuneuh mundingeun).

Aya istilah husus pikeun nu kakandungan dina prosesna.

1. Reuneuh sabulan disebut ngaherang, hartina kandungan masih kaciri herang sarta wujudna disebut alkah.
2. Reuneuh dua bulan disebut lumenggang, hartina geus kentel sanajan transparan keneh (ngalangkang) sarta wujudna disebut kasapah.
3. Reuneuh tilu bulan disebut kumambang, hartina geus mengkel jeung buleud, wujudna pada nyebut nutpah.
4. Reuneuh opat bulan disebut gumulung hartina geus padet tur buleud wujudna disebut amarulah.
5. Reuneuh lima bulan disebut mangrupa nu hartina geus kaciri buleungkeukanna, wujudna disebut ahmad.
6. Reuneuh genep bulan disebut usik hartina janin geus karasa usik, wujudna disebut keneh ahmad.
7. Reuneuh tujuh bulan disebut malik hartina posisina geus bisa malik, wujudna disebut muhamad.
8. Reuneuh dalapan bulan disebut kumentar-kumentir hartina geus neangan jalan kaluar, wujudna masih disebut muhamad.
9. Reuneuh salapan bulan disebut ngaruang-ruang hartina geus aya di jalan kaluar, wujudna masih disebut muhamad.
10. Asup bulan kasapuluh orok dibabarkeun, miboga gelar Rosulluloh.

Teu kurang ti 31 pantarangan pikeun nu keur kakandungan diantarana; teu meunang sare teu make bantal sabab bisa nyusahkeun waktu ngalahirkeun; teu meunang diuk dina lawang panto sabab bisa-bisa hese ngalahirkeun (biasana disebut ngalong); teu meunang ngadahar kulub endog sabab jaga anakna bisa-bisa bisul di sirah; teu meunang ngadahar ganas sabab bisa-bisa anakna jaga boga panyakit koreng; teu meunang ngasaan angeun langsung dina sendok sabab bisa-bisa anakna goreng, jeung sajabana.

Lian ti ayana pantrangan pikeun nu kakandungan (pihak awewe), aya oge pantrangan pikeun salakina diantarana; teu meunang peupeuncitan; teu meunang nyiksa sasatoan; teu meunang nguseup; teu meunang ngadu hayam, teu meunang ngadu domba jrrd. Tur jalma lian ge teu meunang nying perasaan jalma reuneuh. Salaki pamajikan mun kapaksa kudu migawe nu dipantrang alusna kudu ngucapkeun kalimah samodel “ utun inji hayu urang motongan hayam, tapi kade ulah sapotong-potongna lamun lain potongeunana”

Opat kalima pancer
opat kalima Pancer teh nyaeta palsapah kahirupan urang Sunda anu geus ngahiji ngajadi darah daging dina ketak kahirupan, rengkak saparipolah urang Sunda,. eta kusabab karuhun urang geus bisa maca alam jeung ka-hakikianana. Terus nyurup kana gerak, musik, itungan, jeung ampir sakabehna ngagunakeun dasar kahirupan opat kalima pancer.

Naha naon tea atuh anu di sebut opat teh? Jeung anu mana anu disebut kalima pancer-na? Urang mimitian tina nalungtik diri maca awak urang heulanan. Dina awak urang aya anu disebut sisi opat diman nangtung, nyakujur, siga urang kapanan boga sisi hareup, sisi tukang, sisi kenca jeung sisi katuhu. Tah eta teh kapanan opat sisi sanes? Ari anu kalima na mana? Anu kalimana mah nya kapanan awak urang anu ngabogaan sakabehna. Ieu dadaran kasar dina ngajelaskeun sisi anu ku para sepuh rada teu patos diebrehkeun gancang-gancang, kusabab dina ngaguar dadaran ieu estuning henteu mung sakadar bacaan lahir wungkul, da upami diteraskeun mah jujutananan nyaeta muka lawang lain ngeunaan kumaha carana apal kana awak urang, samemeh urang apal ka Pangeran urang.

Urang teraskeun, dina ieu bacaan [ maca= ningali tina sisi lain/ makna palsapah] sakabeh unsur anu aya di alam, anu dilakonan, kalawan talajak manusa sakabehna, eta teh mangrupa simbol dina hirup kumbuh kumelendang di ieu alam, geura urang baca sisi hareup teh kapanan pikahareupeun, sisi tukang mangsa anu geus dilakonan, sisi kenca, sisi kagorengan, sisi katuhu harti tina sisi alus , kabeh diawak urang. Kamana urang nyanghareup (hirup) didinya urang ngabogaan opat perkara anu pasti jadi kalawan ngahiji diawak urang, kumaha urang nyanghareupan isuk, kumaha urang ninggalkeun waktu lalakon anu geus akliwat mangasa katukang, naha urang teh rek jadi jalma anu cek masyarakat alus atawa goreng? keur jalma anu apal kana laku jeung lakuning hirupna, pasti bisa nyaluyukeun jeung alamna,eta jalma pasti bisa hirup dimana bae ayana. dina sisi lain urang baca bae rehna anu disebut opat sisi awak urang teh, sacara garis mah nyaeta horizontal, atawa datar, hartina garis urang hirup kumbuh dialamna, cek urang islam mah disebutna Hablumminannas atawa jalur kahirupan kamanusaan, sedeng anu disebut kalima pancer sacara garis nyaeta vertikal atawa jalujur manusa jeung pangeranana atawa hablumminalloh.

ngarah teu jero teuing, urang buka tina tataran dasar maca awak tina angka-nagka anu nuduhkeun angka opat ka lima kabeh nerap dina awak urang, cobi itung sabaraha jari urang? sabarah anggota awak urang? naha disebutna Panca indera? sabaraha tea eta teh? ari getih aya sabarah jenis? kabeh nuduhkeun itungan alam dina awak urang jeung itungan karuhun urang teh ngan lima. sabaraha unsur ari alam teh?

urang baca ramo urang,naha aya lima? eta nuduhkeun rehna urang kudu bisa maca cinggir,jariji,jajangkung,curuk jeung jempol. Kumah kirata na? (kirata = dikira-kira tapi nyata). Cinggir ( urang teh kudu diajar mikir atawa pake otak teh keur ngolah jeung maca alam), Jariji ( kudu diajar ngahijikeun pamanggih atawa elmu panemu), Jajangkung ( kudu kapanggih ka jangkung na, jucung, atawa kabiruyunganana dina kapangeranan), Curuk (kudu diajar nyukcruk sing kapanggihna) tah lamun geus kapanggih anu opat mah maka eta jalma teh bakal jadi jalma jempolan. naha kumah pentingna jempol teh? sok urang titenan, ku jempol leungit tina ramo urang, kapanan sakitu susahna urang rek nyokot naon bae oge, tapi aya jempol jeung hiji ramo laina, masih keneh bisa nagajalankeun fungsi leungeun. hartina sakumaha penting pisan urang kudu jado jalma jempolan teh bari jeung sagala kurang oge, tapi hirup kalawan ngarti kana lakuning hirup eta nu disebut jalma.

Tina ieu weh bisa katingal ciri, matak urang sunda mah lamun nuduhkeun teh make jempol sanes? komo lamun manggih anu disebut alus mah bakal ngacungkeun jempol.

salajengna, urang baca anggahota awak urang teh aya sabaraha? kahiji sirah, anu kadua leungeun, katilu awak, kaopat suku, anu kalima nyaeta, rasaning rasa anu bisa ngahijikeun sakabehna, contona, anu katincak suku anu nyengir beungeut, anu kasundut leungeun nu ngagorowok sungut, abri jeung kareuwas tepi kateu bisa dahar atawa nginum, tah anu kalima teh anu ngahirupkeun kabehanana, naon tea? peun heula nya?.

Panca Indera kapanan Lima anggota indera paningal, pangambung, panguping, pangecap sareng rasaning rasana tina panon jeung paningalna, ceuli jeung pangupingna, irung jeung angseuna, baham jeung pangrasana. emutkeun ani kalima na.

Getih kade ulah disangka aya dua, eta oge kapanan aya Lima, cikan geura, aya getih beureum, bodas, hideung, koneng, jeung getih anu disebut intisarina getih, sebut wae rasaning rasa na getih dina awak urang, panginten kauninga kumah pami urang kakirangan atanapi kumaha ketakna getih dina awak urang.

ayeuna urang lumaptkeun heula kaluar, maca unsur alam , kahiji seuneu, kadua taneuh, katilu cai, kaopat angin anu kalimana nyaeta anu ngahijikeun kabehanana, aya anu nyebut langit, atawa kosmik hirupna ieu alam. tuh nya kabaca.

ke sugan dina aosan salajengna urang langkung nyosok jero mah, ayeuna urang baca bae laku gerak urang sunda minagka dasar dina sagala rengkak, ebrehna mah dina jurus silat kahareup tukang kenca katuhu, bari jeung balik katengah atawa ngajadi puseur.

dina widang musik, sok geura aos deui sabaraha ketuk ari anu disebat sawilet? teras di baca, naha ari scale urang mah ngan lima? da mi na ti la ? sareng rea rea deui, ke urang teraskeun.sok heulanan sing kaparendak mudah-mudahan ieu sing janten pangbuka manah maca ayat sabenerna dina awak urang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar